4/10/2019

PAKK 
( Aplikasi Keinformatikaan dan Kewirausahaan )
------------------------------------------------------
 PAKK adalah suatu kegiatan praktik siswa sebelum memasuki dunia kerja yang sesungguhnya.
Dan program ini tidak akan ditemukan di sma lain yang berada dimanapun.
Ini menjadi nilai plus tersendiri bagi sekolay kami dimana lulusan dari sma kami siap kuliah serta siap kerja.
Dari awal berdirinya sma Informatika ciamis sudah banyak lulusan nya yang membanggakan bagi almamater.
Diman peraktik ini mengaplikasikan teori yang telah di pelajari selama di sekolah yaitu dari keinfornatikaan dan kewirausahaannya.

9/20/2018

Sejarah Karinding

Assalamu'alaikum
Sampurasun,, tepang deui sareng simkuring ARIH19 nya sanajan tos lami simkuring teu ngadamel postingan tap mudah mudahan postingan ieu manfaat kangge balarea. Panginten langsung bae sakumaha dina judul simkuring bade maparkaeun sejarah Karinding nu mangrupa alat musik tradisonal nu di damelna tina AWI. Awalna Karinding mangrupa alat anu digunakeun ku karuhun kangge ngusir hama disawah anu sorana matak ngarusak kana konsentrasi hama eta. Kusabab karinding eta ngaluarkeun sora anu tangtu nya disebut we alat musik. Sanes digunakeun kangge kapentingan ngusir hama di sawah bae, ku karuhun sok di angge deui dina waktu upacara adat. Nya janten moal heran upami ayeuna karinding masih digunakeun kangge pangiring dina waktu macakeun rajah. Malahan, ceuk beja mah karinding ieu oge sok angge ku kaum adam kangge ngarayu ka kaum hawa anu dipikaresep. Lamun warta ieu leres bisa disebat karinding teh mangrupa alat musik anu tenar lah di kalangan budak ngora harita, nepi ka kaum hawa masihan nilai langkun ka jajaka nu bisa maenkeun karinding eta.

Sababara sumber ngawartosan cenah karinding ieu teh leuwih kolot tibatan kacapi, atuh kacapi wae aya lah 500 taunana nya karinding ieu dikira-kira mah kana 6 abad nu lampau. Jeung karinding oge henteu aya di Jawa Barat hungkul tawa priangan timur tapi aya oge di daerah nusanatara nu laina, malahan suku di bangsa dengeun ogenan aya ngan ukur beda ngarana hungkul. Lamun di Bali mah nagarana teh Genggong, di Jawa Tengah mah Rinding, Karimbi di Kalimantan, jeung di daerah dengeuh mah ngarana Zuesharp (Harpana Dewa Zeus). Jeung jang istilah musik jaman ayeuna mah karinding bisa disebut oge Harpa Baham (Mouth Harp). Tina sisi maenkeuna oge aya nu di Sintrek (Trim), di Tabeuh (Tap), aya oge nu di Betot make benang. Tapi karinding nu di pendak di tatar sunda mah maeunkeuna di tabeuh.

Bahan anu di pake jang nyieun karinding di wilayah Jawa Barat, aya dua jenis nayeta pelepah kawung jeung awi. Jenis bahan jeung jenis bentuk nu dijieun ieu nuduhkuen umur, tempat jeung nu ngabedakeun jenis kelain. Di mislakeun bahan bambu di jieun nyarupaan susuk sanggul da cenah istri baheula mah nyimpena sok dina sanggul, terus nu lalakina tina bahan pelepah kawung jeumg dijieuna rada letik jeung sok disimpena dina paranti nyimpen bako. lamun tina tempatna mah contona di wilayah Jawa Barat ngagunakeun awi da kusabab awi mangrupa salah sahiji sumber khirupan masayrakat Jawa Barat.

Umumna Karinding ieu dijieun ukuran panjang 10Cm jeung lebarn 2Cm. Tapi ukuran ieu teu mutlak da kusabab ari karinding mah kumaha selera nu ngagunkeun jeung nu nyieuna, sabab saetik lobana ukuran ieu ngaruh kana sora nu di kaluarkeun.

Karinding kabagi tilu bagian :
  1. Tempat  panabeuh nu ngageterkeun bagian tengah nu jadi sumber sorana.
  2. Sunberna sora da didinya awina di potong di belah sangkan awi ngageter pas tempat panabeuh di tabeuh kunu maenkeuna.
  3. Jeung nu terakhir ieu fungsina jang nyekel karinding pas di paenkeuna.
Cara maekeuna oge babari ngan kudu simpen bagian tengah dina baham nu rada dibuka, terus di tebeuh ku hiji curuk sangkan bagian tengah ngageter. Tah tidinya bakalan kaluar sora nu ngenaheun anu tergantung cara maenkeun napas, baham jeung letah. Secara umum saur cariosan Abah Olot "Nada atawa pirigan dian amenkeun Karinding aya opat jenis nyaeta : tonggeret, gogondangan, rereogan, jeung iring iringan".
Nya panginteun sakitu bae mugia bisa janten elmu manfaat kangge balera perkawis sejarah karinding ieu. hapunten bisi aya kata kata kurang merenah da simkuring masih keneh nuju di ajar.
rahayu rahayu rahayu...
sampurasun
wassalamu'alaikum
Ieu aya conto saalit cara maenkeun <<<Karinding>>> mangga langsung klik bae.